Rupa-Rupa Ngala Sasatoan

A.  Ngala Sasatoan Di Leuweung       
      -  Mitapak, ngala sato di leuweung (pangpangna ngala maung) kalawan ma-   
         ké parabot nu disebut pitapak.   
      -  Moro, néangan atawa ngudag-ngudag sato leuweung (bagong, uncal, men-   
         cek jsb.) nu biasana dilakukeun ku jalma réa.   
      -  Morog, ngala sato leuweung (mencek atawa uncal) kalawan maké parabot   
         nu disebut porog (tali nu dianyam siga jaring tapi badag, sok ditaheun-   
         keun dina liliwatan sato nu keur diboro.   
      -  Muput landak, ngala landak nu aya di jero liang ku cara muput liangna ti   
         luar, mun landakna norojol ka luar sok tuluy diteunggeul ku tangkal cau.   
         Muput landak henteu sagawayah, kudu diparancahan saméméhna, ulah   
         nyebut landak tapi kudu nyebut pangantén salila muput.   
      -  Nangkeb, ngala manuk leuweung nu sok ngupuk di taneuh kalawan maké   
         parabot nu disebut tangkeb (parabot nu dijieun tina awi nu dianyam).   
      -  Ngancung, ngala bajing kalawan maké parabot nu disebut kancung.   
      -  Ngajerat, ngala manuk kalawan maké parabot nu disebut jerat (tataheun-   
         an nu dijieun tina kai atawa awi nu ditancebkeun kana taneuh, tuluy   
         tungtungna ditarik maké tali nepi ka melengkung, tungtung tali nu kana   
         taneuh maké seuseuit nu ditumpangkeun ku nyéré, lian ti seuseuit, tung-   
         tung tali téa dikolowongkeun minangka pangeurad), sangkan manuk daék   
         nyampeurkeun, taneuh di sabudeureun jerat téh sok di awuran ku parab   
         (eupan).   
      -  Ngalanjak, ngala mencek atawa uncal kalawan maké parabot nu disebut   
         lanjak (sabangsa porog).   
      -  Ngaleugeut, ngala manuk kalawan make leugeut (dijieun tina geutah teu-   
         reup, biasana sok dicampur jeung getah nangka, karét atawa geutah sé-   
         jénna sangkan leuwih cepel), ngaleugeut aya nu maké jontrot (manuk pa-   
         mikat), aya nu henteu.   
      -  Nyentég, ngala beurit atawa maung kalawan maké parabot nu disebut   
         sentég.   
       
       
B.   Ngala Lauk       
       
      1.  Ngala Lauk Di Balong Atawa Walungan   
           -  Marak, ngala lauk di solokan atawa walungan ku cara nyaatkeun caina
              (biasana dipendet atawa dipéngkolkeun), geus saat kakara laukna di-
              ala.
           -  Milet, ngala lauk maké pilet (sarupa jaring), biasana di walungan atawa
              di situ ku cara ngalingkungkeun pilet ka tempat nu rék diala laukna.
           -  Mosong, ngala lauk (biasana belut atawa lubang) maké posong (sarupa
              sosog nu dibéréan eupan).
           -  Negér, ngala lauk make tegér (sarupa useup tapi jeujeurna leuwih pon-
              dok).  Negér biasana tara ditungguan cara nguseup, jeujeurna ditanceb-
              keun kana taneuh, sanggeus sawatara waktu kakara ditéang.
           -  Ngabedahkeun, ngala lauk di balong ku cara nyaatkeun caina.
           -  Ngabubu, ngala lauk di solokan maké bubu (dijieun tina nyéré kawung
              nu dianyam tur dikuluwungkeun, di hareup jeung ti tengahna maké anak
              sangkan lauk teu bisa kaluar deui, ari tukangna méncos sok ditutupan
              ku ruas awi atawa kai), naheunkeun bubu di walungan biasana disang-
              hareupkeun ka hilir.
           -  Ngabungbun, ngala lauk maké balong leutik nu dijieun di sisi walungan,
              maksudna sangkan lauk di walungan arasup ka éta babalongan, engké-
              na disaatan.
           -  Ngagogo, ngala lauk (nu aya di jero liang) disasar atawa dikodok ku leu-
              ngeun.  Ngala lauk sarupa kieu sok aya ogé nu nyebut kokodok.
           -  Ngaheurap, ngala lauk maké heurap (kecrik gedé).
           -  Ngarad, ngala lauk maké arad (sarupa jaring).
           -  Ngarégrég, ngala lauk di walungan (di cai nu déét) maké bedog atawa
              parang, nu ngaralana ngarégrég (ngajajar) duaan atawa tiluan, maju ka-
              girangkeun.
           -  Ngecrik, ngala lauk maké kecrik.
           -  Nguseup, ngala lauk maké useup.
           -  Nua, ngala lauk (biasana di walungan) maké racun tua (tutuwuhan anu
              ngareuy nu geutahna ngandung racun).
           -  Nyair, ngala lauk maké ayakan atawa sair.
           -  Nyirib, ngala lauk maké sirib.
           -  Nyomé, ngala lauk maké comé (ruas awi nu disopak tungtungna, handap-
              na aya bukuan), ditaheunkeun di babantar walungan ku cara dibebes-
              keun kana keusik tepi ka nu katénjona ngan luhurna baé nu meunang
              nyopak téa, keusik hareupeun comé diatur sina rada mayat.  Nyomé sok
              dilakukeun dina usum halodo, lauk nu kaalana beunteur atawa paray.
       
    2.  Ngala Lauk Di Laut   
          -  Ngajaring, ngala lauk maké jaring (sabangsa jala tapi panjangna aya kana
             puluhan deupana), metakeunana tara dirungkupkeun tapi tungtungna
             beulah dieu beulah ditu ditalikeun kana parahu atawa parahu motor
             anu engkéna ditarik.
          -  Ngarawé, ngala lauk maké rawé (sabangsa tegér anu dijadikeun ku saba-
             baraha useup), biasana aya puluhan, meunang nalian parondok (leuwih
             kurang satengah kaki) diraweuykeun dina tali panjang nu mentang anta-
             ra dua patok atawa dua ampul.
         -  Ngawaring, ngala lauk dina bagan maké waring (sabangsa jaring) nu sisi-
            sisina didempét ku awi.  Cara naheunkeunana diancrubkeun (diulur ku
            tali) ka jero laut, engké sanggeus sawatara lila ditarik ka luhur.  Wangun
            waring téh sarua jeung sirib.
         -  Nguseup, ngala lauk maké useup.  Sarua carana jeung nguseup di balong
            atawa walungan, ngan nguseup di laut eupanna bisa ku bulu hayam.

    3.  Pakakas Ngala Lauk