Istilah Pakakas (Pakarang)


Aseuk, pakakas paranti ngaseuk dijieuna tina kai buleud panjang, méncos tungtungna


Arit, pakarang samodél parang tapi leuwih leutik tur ngeluk tungtungna, sok dipaké ngala jukut.


Badi, pakarang sarupa péso nu gagangna béngkok.




Bajra, pakarang baheula sarupa gada.




Balincong, pakarang paranti nugar, seuseukeutan, sabeulah lancip kawas linggis, sabeulah deui potongan rimbas.


Baliung, pakakas tukang kai nu bisa digalar-gilir jadi patik atawa jadi rimbas.


Bandring, katepél, paranti malédog-malédogkeun batu, sok dipaké ngala manuk.


Bedog, pakarang paranti ngadék.



Burang, tataheunan, awi meunang nyeukeutan tungtungna sabeulah, ditancebkeun dina liliwatan sato (nu keur diboro), bari diririmbunan ku dangdaunan ngarah ulah katara, supaya nu ditaheunan katubles.


Congkrang, bedog panjang nu ngeluk congona paranti ngala suluh atawa nyacar.


 Dékol, pakakas nu beunang dipaké ngadék saperti kampak tur bisa dipaké nakol saperti palu (upama dibalikkeun).


Étém, sabangsa péso paranti dibuat, ngala paré saranggeuy-saranggeuy.



Gacok, pakakas paranti garpuh, maké doran saperti pacul.


Gada, paneunggeul tina beusi, pakakas perang baheula.


Gobéd, pakarang siga bedog tapi panjang.



Gondéwa, pakakas tina kai atawa paranti mentang jamparing.

Jamparing, panah, nu sok dilepas tina gondéwa.




Jara, pakakas tina kawat beusi nu tungtungna lancip, paranti ngaliangan kai atawa awi (saméméhna sok dibeuleum heula tepi ka semu hurung).







Kampak, pakakas tukang kai, bangunna siga huntu gedé digagangan, paranti nuar atawa meulah kai.






Keris, pakakas paranti nubles, sok dialus-alus, dipaké sosorénan dina upacara-upacara, salasahiji parabot perang baheula.


Kihkir, pakakas paranti ngasah ragaji.






Koréd, pakakas tani pikeun miceunan jujukutan (biasana bari ngoyos).




Kujang, pakakas urang sunda baheula, paranti ngadék atawa newek, sok dipaké dina perang.




Linggis, pakakas tina beusi paranti nugar atawa ngali.



Pacul, pakakas patani paranti malikkeun taneuh atawa ngali lombang.


Palu, pakakas tina beusi digagangan ku kai, paranti nakol paku,
nu sabeulahna (nu nyagak) paranti nyabut paku.



Parang, pakakas patani paranti babad galeng, jsb. wangunna semu bengkung rubak ka tungtung.

Patik, kampak gedé panjang gagangna, paranti nuar kai, jsb.




Pedang, pakarang sabangsa bedog, alus tur panjang.


Péso, pakakas paranti karat-keureut.



Péso abir, péso paranti di dapur.

Péso lipet, péso nu bisa ditikeulkeun gagangna tur bisa dipésakkan.

Péso méja, péso nu sok dipaké ngeureut kadaharan nu perlu dikeureut dina méja.



Péso pangot, péso paranti nulis dina daun lontar atawa paranti nyukuran.

Ragaji, pakakas nu geus régés seuseukeutna, bangunna ipis rada panjang, paranti motong atawa meulah.


Rajang, péso rubak paranti nyisik daun bako atawa paranti ngeureut bako.

Rancatan beulah, pakakas paranti nanggung, dijieuna tina awi sabeulah.


Rancatan dagol, rancatan anu dijieunna tina awi guluntungan.



Rimbas, pakakas sarupa kampak, paranti mapas kai.


Salumbat, parabot nu dijieun tina ruyung, paranti mesék kalapa.


Sugu, pakakas tukang kai paranti ngaratakeun kai (papan, tihang, jsb.).

Sumpit, parabot tina tamiang panjang, minangka pélorna paser, dijieun tina harupat kawung maké kapuk atawa kapas, ditémbakkeunana ditiup tarik digentakkeun, sok dipaké ngala manuk.

Taméng, parabot paranti nakis pakarang lawan sabangsa tumbak, jamparing jsb.  Wangunna siga beungeut goong, sok dipaké dina perang jaman baheula.

Tatah, parabot tukang kai, dijieun tina beusi maké gagang kai, paranti nyieun liang pasagi dina tihang, jsb.).

Tumbak, pakarang anu dipakéna ditojoskeun atawa dilempagkeun kana awak musuh atawa sato boroan.